Khotbah Jum’ah Takdir
Manusa
السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
الحمد لله حمدا وشكرا جزيلا وافرا,
الذي هدانا الى صراطه المستقيم هداية ونورا, واخرجنا من الظلمات الى النور سراجا
منيرا, اشهد ان لااله الاالله وحده لاشريك له الذى بيده كل شيئ من الكائنات دليلا
ظاهرا, واشهد ان سيدنا محمدا عبده ورسله المبعوث لتشريع دينه تنزيلا وتنويرا.
اللهم صل على سيدنا محمد وعلى اله وصحبه وسلم تسليما كثيرا, فيا عباد الله
اتقواالله حق تقوٰىه بامتثال المأمورات واجتناب المنهيات لتنالوا نعاما كثيرا.
Para Jamaah Nu mulia,
Peryogi ku urang dilenyepan, rehna jalma lahir teh eta
geus mawa takdirna masing masing, sakumaha nu didawuhkeun ku Kanjeng Nabi SAW:
عن ابى عبد الرحمن عبد الله بن مسعود رضي
الله عنه قال: حدثنا رسول الله ص م . وهو الصادق المصدوق: ان احدكم يجمع خلقه فى
بطن امه اربعين يوما نطفة, ثم يكون علقة مثلَ ذلك, ثم يكون مضغة مثل ذلك, ثم يرسل
اليه الملك فينفح فيه الروح, ويؤمر بأربع كلمات: بِكَتْبِ رزقه وأجله وعمله وشقيٌّ
او سعيد.
Dumasar kana hal éta, maka jelas yén manusa lahir geus
mawa takdir masing-masing. Tur éta katangtuan téh ditetepkeun nalika manusa aya
dina jero rahim indungna dina mangsa ditiupkeunana roh ka manusa nalika umur
kandungan manjing kana 4 bulan. Saterusna hadits di luhur ngajelaskeun, yén
Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh bari sumpah:
فَوَاللهِ الَّذِيْ لاَ إِلَهَ غَيْرُهُ
ان احدكم ليعمل بعمل اهل الجنة حتى ما يكون بينه وبينها الا دراع فيسبق عليه
الكتاب فيعمل بعمل اهل النار فيدخلها, وان احدكم ليعمل بعمل اهل النار حتى ما يكون
بينه وبينها الا دراع فيسبق عليه الكتاب فيعمل بعمل اهل الجنة فيدخلها- روسلماه البخاري ومسلم-
(Demi
Alloh nu teu aya deui pangéran salian ti Manten-Na). yén aya salah saurang
diantara maranéh nu milampah/migawé amalan ahli sawarga sahingga teu aya jarak
deui antara manéhna jeung sawarga iwal ti ukuran sadeupa Tuluy manéhna
kapiheulaan ku katangtuan Alloh, nu satuluyna manéhna ngalakukeun amalan ahli
naraka, maka manéhna asup ka jero naraka. Ogé aya (deui) diantara maranéh nu
migawé/milampah amalan ahli naraka, sahingga teu aya jarak deui antara manéhna
jeung naraka iwal ti ukuran sadeupa deui, tuluy manéhna kapiheulaan ku
katangtuan/katetepan Alloh nu satuluyna manéhna ngalakukeun amalan ahli
sawarga, maka manéhna asup kana sawarga.
Para Jamaah nu mulia
Sadeupa didieu, hiji kiasan jeung kira-kira, nu
dimaksud didieu nyaéta, saparo waktu dina akhir kahirupan manusa. Jadi, nu
dimaksud sadeupa didieu lain sacara harfiyah sadeupa jeung kapastian waktu nu
saukuran kitu. Tapi, sadeupa didieu sakali deui saparo waktu dina akhir
kahirupan manusa nu kacida deukeutna kana poé panungtungan hirup. Imam Nawawi RA.
Ngajelaskeun, mun jalma kafir ngucapkeun “laa Ilaaha Illallooh” tuluy manéhna
maot kalayan ngucapkeun kalimat tauhid éta, maka manéhna bakal asup sawarga.
Sabalikna, lamun jalma Islam dina akhir umurna ngucapkeun caritaan kufur, maka
manéhna bakal asup kana naraka. Ringkesna, nya eta sanajan jalma keur ngorana
tukang doraka, lamun dina ahir hirupna jadi insap, getol ibadah, tobat ka
Pangeran, eta disebutna husnul khotimah. Komo deui lamun jalma ti ngongora nepi
ka kolot terus-terusan ibadah mah dugi ka ahir hayatna. Sawaangsulna, sanajan
keur ngorana getol ibadah, tapi dina kolotna jadi ngabalun seneng kana migawe
doraka, ieu pimelangeun dina maotna su’ul khotimah.
Para jamaah nu mulia,
Satuluyna Hadits di luhur, eusina ngajelaskeun yén
urang teu meunang mastikeun atawa netepkeun salah saurang bakal asup sawarga
atawa naraka, sanajan katingalina hiji jalma téh ngalakukeun sagala kahadéan
jeung rajin ibadah, sabalikna sanajan katingalina hiji jalma téh ngalakukeun
kakufuran, kama’siyatan, kafasikan jeung sajabana. Tegesna, yén urang ulah
wani-wani ngahukuman ka jalma téh pisawargaeun atawa pinarakaeun. Sabab, urang
ulah ngandelkeun teuing amaliah ibadah boh pribadi atawa lian, atawa reueus,
agul jeung sajabana ku lampah ibadah urang atawa nu lian. Sabab, urang teu apal
pamustungan tina sagala ibadah nu dilakukeun, naha ditarima atawa henteuna ku
Alloh swt. Ogé urang teu apal katangtuan nu kumaha nu bakal ditarima ku urang
khususna jaga di alam Akhérat. Sok sanajan takdir geus ditetepkeun saméméh
urang diciptakeun, tapi, ku sabab dirahasiahkeun ku Alloh swt. Jadi urang teu
apal takdir urang téh modél kumaha.
Para jamaah nu mulya
Dumasar kana hal éta pisan, urang ulah petot-petot
salilana ngado’a ka Alloh swt mugia urang dipaparin panungtungan kahirupan nu
hadé (Husnul Khotimah) ogé salawasna urang kudu nyalindung ka Alloh swt. Mugia
panungtungan hirup urang téh ulah goréng (Su’ul Khotimah) atawa ulah nepi ka
hasil panungtungan hirup urang téh nu picilakaeun (Syarrul ‘Aqibah).
Ibnu Jarir Al-Haitamy dina kitabna “Fath Al-Mubin Li
Syarh Al-Arba’in” ngajelaskeun, yén satemenna Su’ul Khotimah - dilantarankeun
ku haté leutik na hiji jalma nu teu bisa ditingali ku nu séjén. Ayakalana
saurang milampah hiji amal ahli naraka, tapi dina haténa aya kahadéan nu
nyangkaruk, tuluy ngalimpudan nu tungtungna ngadorong manéhna dina panungtungan
umurna pikeun milampah kahadéan, akhirna manéhna ka golong kana Husnul
Khotimah. Kukituna ulah katipu ku naon-naon baé nu katingali dina diri hiji
jalma, sabab tetep nu bakal ditingalimah kahirupan panungtunganana, naha hadé
atawa henteu. Sabab amal téh ditingali dina akhirna, hartina, sing saha jalmana
nu dituliskeun atawa ditetepkeun kaimanana jeung kata’atanana dina akhir
umurna, tuluy manéhna kufur jeung milampah maksiyat, tapi Alloh ngalungsurkeun
taufik sareng hidayah-Na ka manéhna dina panungtungan hirupna, tur manéhna maot
dina kaayaan tobat, sadar pinuh ku karumasaan kana sagala lampah salahna,
tegesna Husnul Khotimah. Maka manéhna bakal jadi ahli sawarga.
Tah dina raraga urang miharep supaya panungtungan
hirup urang téh hadé, tegesna Husnul khotimah. Para ulama ngajelaskeun,
ngeunaaan sabab musababna ngahontal Husnul Khotimah, diantarana: 1) Istiqomah
dina ibadah; 2) Nancebkeun katakwaan; 3) hadé sangka ka Alloh swt. 4) jujur; 5)
rajin taubat; 6) éling kana maot, jeung 7) Waspada kana hal-hal nu matak
ngadeukeutan kana su’ul khotimah. diantarana, nyaéta: rusakna akidah jeung
milampah laku ibadah nu lahirna teu luyu jueng ibadah bathin, kabiasaan
milampah maksiyat nu teu eya eureuna dina migawéna, kabungbulengan ku dunya,
nyimpang tina kaistiqomahan, migawe kamusyrikan jeung nunda-nunda kana tobat.
Mudah-mudahan urang sadaya ka lebet kana golongan jalma–jalma
nu panungtungan hirupna hadé (husnul khotimah). tur mugia urang sadayana
dipaparinan ku Alloh swt. Ka istiqomahan dina ibadah. Amin ya Alloh Ya Robbal
‘Alamiin.
قال
الله تعالى فى كتابه الكريم وهو اصدق القائلين واذا قرئ القران فاستمعوا له
وانصتوا لعلكم ترحمون اعوذ بالله من الشيطان الرجيم. وَسَارِعُوٓاْ إِلَىٰ
مَغۡفِرَةٖ مِّن رَّبِّكُمۡ وَجَنَّةٍ عَرۡضُهَا ٱلسَّمَٰوَٰتُ وَٱلۡأَرۡضُ
أُعِدَّتۡ لِلۡمُتَّقِينَ.
بارك
الله لي و لكم في القرآن العظيم ونفعني واياكم بمافيه من الاية والذكر الحكيم
وتقبل مني ومنكم تلاوته انه هو السميع العليم. وقل رب اغفر وارحم وانت خير راحمين.
Jum’at 24 Juli 2020
Khutbah II
اَلْحَمْدُ للهِ وَكَفَى، اللهم صَلِّ
وَأُسَلِّمُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ الْمُصْطَفَى، وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ
أَهْلِ الْوَفَا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْمُسْلِمُوْنَ،
أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ وَاعْلَمُوْا
أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ عَظِيْمٍ، أَمَرَكُمْ بِالصَّلَاةِ وَالسَّلَامِ
عَلَى نَبِيِّهِ الْكَرِيْمِ فَقَالَ: إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ
عَلَى النَّبِيِّ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا
تَسْلِيمًا، اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا
مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا
إِبْرَاهِيْمَ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا
مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا
إِبْرَاهِيْمَ، فِيْ الْعَالَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ. اَللّٰهُمَّ
اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ والْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ
الْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْأَمْوَاتِ، اللهم ادْفَعْ عَنَّا الْبَلَاءَ
وَالْغَلَاءَ وَالْوَبَاءَ وَالْفَحْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالْبَغْيَ
وَالسُّيُوْفَ الْمُخْتَلِفَةَ وَالشَّدَائِدَ وَالْمِحَنَ، مَا ظَهَرَ مِنْهَا
وَمَا بَطَنَ، مِنْ بَلَدِنَا هَذَا خَاصَّةً وَمِنْ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ
عَامَّةً، إِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ
عِبَادَ اللهِ، إنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبَى ويَنْهَى عَنِ الفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar