Sabtu, 24 Mei 2014

Kotbah Jum,at

اَلْخُطْبَةُاْلاُوْلَى 
  اَلْحَمْدُلِلّهِ نَحْمَدَهُ وَنَسْتَعِيْنُهً وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ اَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّأتِ اَعْمَالِنَا مَنْ يًهْدِاللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْهُ فَلاَ هَادِيَ لَه وَاَشْهَدُاَنْ لاَاِلهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وَاَشْهَدُاَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَرْسَلَهُ بِاْلهُدَى وَدِيْنِ اْلحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَىالدِّيْنِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ اْلمُشْرِكُوْنَ اَللّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍوَعَلَىالِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنِ اَمَّا بَعْدُ فَيَا اَيُّهَا النَّاسُ اتَّقٌوْااللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَتَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ قَالَ اللهُ تَعَالَى فِى كِتَابِهِ اْلكَرِيْم لقد كان لكم فى رسول الله اسوة حسنة لمن كان يرج الله واليوم الأخر وذكر الله كثيرا. 
 Hadirin Kaum Muslimin anu mulya. Langkung tipayun sim kuring salaku khatib wasiat ka sadayana sangkan salamina aya dina jalan taqwa. Teu aya amal nu tiasa diandelkeun pikeun nyorang kahbirupan nu bakal datang iwal ti taqwa ka ka Mantena. Hal ieu ditegeskeun dina kitab-Na: فتزودوا فان خير زاد التقوى Geura mawa bekel aanjeun. Maka saestuna pang hade-hadena bekel nyaeta taqwa. taqwa, lain nu pang gagahna atawa pang kasepna, lain nu pang beungharna atawa imah megah. Taqwa lain saukur berari sering datang ka masjid atawa ngahadirian ecara rutinan majlis ta’lim,maca kitab suci,muter-muter tasbe, hudang ti peuting, atawa puasa ungga poe. Tapi lewih ti kitu, taqwa nyaeta ngendalikeun amarah, hasrat-hasrat rendah, ngajaga hate, henteu nganyenyeri, henteu ngancam, ramah, sabar, rendah hati jeung sajuta makna kaalusan ka papada manusa tanpa mandang suku agama ras jeung gplongan. Hadirin kaum muslimin nu mulya, aya dua golongan umat Kangjeng Nabi Muhammad Saw. Golongan nu kahiji disebut pang hadena umat, sedengkeun nu kadua pang gorengna umat. Nu kumaha nu disebut pang hadean umat sareng nu kumaha nu disebut pang gorengna umat Nabi Muhammad? Hal ieu dijelaskeun dina hiji hadis.:
 عن ابى هريرة رضي الله عنه قال قال رسول الله صلى الله عليه وسلم خِيارُاُمتي مَنْ شهد ان لا اله الا الله وان محمدا رسول الله واذااَحْسَنُوا اِسْتبْشَرُوا واذااَسَاءُوْا اِسْتَغْفَروا واذا سَافَروا قَصَرُوا صلاتَهم وَافْطَرُوامِن صومِهم وَاِنَّ شِرارَ اُمَّتي الذين وُلِدُوا فِى النِعَمِ وَغَدَوْا فى النِّعَمِ وَهِمَّتُهُم اَلْوَانُ الطعامِ وَاَلْوانُ الشَّرَابِ واذاتَكَلّمُوْا تَشَدَّقُوا واذامَشَوْا تَبَخْتَرُوا ويلٌ لِلْجَرَّارِين اَذْ يَالَا وَالْاَكّالِيْنَ اَفْضَالًا والنَاطِقين اَشْعَارًا 
 Diriwayatkeun ti Abu Hurairah r.a., rehna Rasulullah Saw. ngadawuh: “Pang hade-hadena umat kaula nyaeta jalma anu nyaksian rehna teu aya pangeran anging Allah jeung saestuna Nabi Muhammad teh utusan Allah. Lamun maranehna milampah kahadean , maranehna ngarasa bungah. Lamun milampah kagorengan , maranehna menta hampura, Lamun musafir maranehna ngosor solatna, tur buka puasana. Saestuna pang goreng- gorengna umat kaula nyaeta maranehna nu dilahirkeun dina kamewahan, dibere dahar nu marewah, kahayang hatena kana macam macem daharan jeung inuman. Lamun nyarita sok ngahina, mun leumpang sok sombong. Cilaka pisan jalma jalma nu nyenyered pakaianna nu nyangsar kanu taneuh, jalma nu dahar ngaleuwihan wates jeung nu nyarita bari dilagukeun. Hadis tadi pakait jeung gaya hirup sabagian sahabat nu hirup serba mewah..
 Dina akhir hadis Rasulullah Saw masihan peringatan keras:
 ويلٌ لِلْجَرَّارِين اَذْ يَالَا وَالْاَكّالِيْنَ اَفْضَالًا والنَاطِقين اَشْعَارًا 
Cilaka pisan jalma jalma nu nyenyered pakeanna anu nyangsar kanu taneuh, jalma nu dahar ngaleuwihan wates jeung nu nyarita bari dilagukeun. Saleresna Rasul henteu ngalarang umatnya cicing di gedong mewah, naek mobil mewah, make pakean mewah, tur ngadahar dahareun nu marewah, salila hal eta henteu mengparkeun hate tina perhatian ka Allah Swt atawa nimbulkeun panyakit dina hatena. Tapi lamun kamewahan eta nimbulkeun panyakit dina hate, atawa nimbulkeun rasa timburu masyarakat maka eta kamewahan kudu buru buru ditinggalkeun. Kacida teu pantesna nembongkeun kamewahan di tengah-tengah masyarakat miskin. 
اقول قول هذاواستغفرالله لي ولكم ولسائر المسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات. فاستغفرواه انه هو الغفور الرحيم

Tidak ada komentar:

Posting Komentar