Ponpes An-Nawawi Leuwimunding
Jumat, 25 September 2026
Rabu, 03 Februari 2021
Khotbah Juma’ah Basa
Sunda
NGABUNGAHKEUN BATUR
اَلْحَمْدُ للهِ، اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ جَعَلَ الْاِسْلَامَ طَرِيْقًا سَوِيًّا، وَوَعَدَ لِلْمُتَمَسِّكِيْنَ بِهِ وَيَنْهَوْنَ الْفَسَادَ مَكَانًا عَلِيًّا. اَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا. وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا حَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ: فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِىْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى : بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ، يَا اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ.
Hadirin Jama’ah Jum’ah nu Mulia
عَنْ اَبِىْ مُوْسَى رَضِىَ اللهُ عَنْهُ قَالَ، قُلْتُ
يَا رَسُوْلَ اللهِ، أَيُّ الْمُسْلِمِيْنَ اَفْضَلُ ؟
Dina hiji waktos, sahabat Abu Musa RA nyarios ka
kanjeng Nabi Muhammad SAW “Ya Rasulullah, jalmi muslim nu jiga kumaha nu paling utama?”
"قال "مَنْ سَلِمَ الْمُسْلِمُوْنَ مِنْ
لِسَانِهِ وَيَدِهِ"
Nabi ngadawuh “jalmi Muslim nu paling utama
nyaeta jalmi muslim anu dimana jalmi-jalmi
muslim (sanesna) salamet tina kaburukan lisan sareng tanganna”.
Maksadna,
setiap muslim nu paling utama nyaeta jalmi muslim nu teu ngarugikeun jalma
lain, ku lisana atawa tidakanna.
Kanjeng Nabi Muhammad SAW ngadawuh:
خَيْرُ النَّاسِ
اَنْفَعُهُمْ لِلنَّاسِ
pang alus-alusna jalma
nyaeta jalma nu mere manfaat ka sasama.
Leuwih alus deui lamun urang mampu nyiptakeun kabungah pikeun jalma lain, jadi jalma nu melegakan
semua pihak.
عَنْ اِبْنِ عَبَّاسٍ رَضِىَ اللهُ
تَعَالَى عَنْهُمَا قَالَ : إِنَّ رَسُوْلَ اللهِ صلى الله عليه وسلم قَالَ إِنَّ
اَحَبَّ الْاَعْمَالِ اِلَى اللهِ بَعْدَ الْفَرَائِضِ إِدْخَالُ السُّرُوْرِ
عَلَى الْمُسْلِمِ.
Hadis riwayat Ibnu Abbas RA, rehna Kanjeng Nabi Muhammad SAW parantos ngadawuh
“saleresna amal nu paling dipikaresep ku Allah SWT saparntosna ngalaksanakeun hal-hal
nu wajib nyaeta ngagumbirakeun jalmi islam nu lian”.
Hadirin jama’ah jum’ah nu mulia
Anapon cara ngagumbirakeun, tiasa ku tindakan atanapi perbuatan nu macem-macem. Nu penting henteu ngalanggar aturan syara’. Tiasa ku ucapan nu nyenangkeun, tiasa ku sikap rendah hati, henteu ngarasa diri pang muliana, menghormati hak-hak orang lain sareng sanes-sanesna.
رُوِيَ، مَنْ اَدْخَلَ عَلَى مُؤْمِنٍ سُرُوْرًا، خَلَقَ
اللهُ مِنْ ذَلِكَ السُرُوْرِ سَبْعِيْنَ اَلْفَ مَلَكٍ، يَسْتَغْفِرُوْنَ لَهُ
اِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ.
Dina kitab Al ‘Athiyyatul Haniyyah dijelaskeun “Sing
saha jalmana nu ngabahagiakeun jalma mukmin sejen, Allah Ta’ala nyiptakeun 70.000
malaikat nu ditugaskeun pangmentakeun hampura pikeun jalma eta nepi ka datangna
poe kiamat.
Dina hadits
diterangkeun:
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللهُ
عَنْهُ قَالَ قَالَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ مَنْ نَفَّسَ
عَنْ مُؤْمِنٍ كُرْبَةً مِنْ كُرَبِ الدُّنْيَا نَفَّسَ اللهُ عَنْهُ كُرْبَةً
مِنْ كُرَبِ يَوْمِ الْقِيَامَةِ وَمَنْ يَسَّرَ عَلَى مُعْسِرٍ يَسَّرَ اللهُ
عَلَيْهِ فِي الدُّنْيَا وَاْلآخِرَةِ وَمَنْ سَتَرَ مُسْلِمًا سَتَرَهُ اللهُ فِي
الدُّنْيَا وَاْلآخِرَةِ وَاللهُ فِي عَوْنِ الْعَبْدِ مَا كَانَ الْعَبْدُ فِي
عَوْنِ أَخِيهِ. [رواه مسلم]
“Diriwayatkeun
ti Abu Hurairah ra, anjeuna nyarita: Rasulullah saw ngadawuh: Sing saha jalma
nu ngalapangkeun jalma mukmin tina hiji kasusahan di dunya, maka Allah bakal
ngalapangkeunn eta jalma tina kasusahan dina poe kiamat; sing
saha jalma nu mere kamudahan ka jalma nu keur meunang kesulitan, Allah
akan ngagampangkeun eta jalma di dunia jeung di akhirat; dan saha jalmana nu
nutupan aib jalma islam, Allah bakal nutup kasalahana di dunia jeung di
akhirat. Allah senantiasa nulungan hambana salama hambana menolong sodarana.” [HR. Muslim]
Hadirin jama’ah jum’ah nu mulia
Walhasil, kesimpulana: Mangga hayu urang bareng-bareng mawas diri,
introspeksi, ngoreksi diri masing-masing, kumaha urang bertetangga,
bermasyarakat teh, naha tos bener ta teu acan, tos ngadatangkeun manfaat atawa
justru ngan saukur nyieun masalah nu ngarugikeun orang lain.
Hayu urang hadean
hirup urang ku cara memeres cara urang kumpul, sukur-syukur mun bisa mere
manfaat ka jalma lain.
Mugi-mugi Allah SWT masihan topek sareng hidayah ka urang sadaya. Masihan rido sareng inayahna, hirup urang salamina dibina, dibimbing ka jalan nu
pinuh karidoan, salamet bagja di dunya sareng aheratna, amin ya Robbal alamin.
اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ
الرَّجِيْمِ، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ، وَالْعَصْرِ اِنَّ
الْاِنْسَانَ لَفِىْ خُسْرٍ اِلاَّ الَّذِيْنَ آمَنُوْا وَعَمِلُوْ الصَّالِحَاتِ
وَتَوَاصَوْا بِالْحَقِّ وَتَوَاصَوْا بِالصَّبْرِ. بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ
الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ باْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ،
اِنَّهُ هُوَ الْبَرُّ الرَّؤُوْفُ الرَّحِيْمُ. وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ
وَارْحَمْ وَاَنْتَ خَيْرُ الرَّاحِمِيْنَ.
Khotbah II
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ اِحْسَانِهِ
وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَاَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلَهَ
اِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ.
وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. الدَّاعِى اِلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى
سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا
كِثيْرًا.
اَمَّا بَعْدُ.
فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا اَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى.
وَاعْلَمُوْا اَنَّ اللهّ اَمَرَكُمْ بِاَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ
وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ.
وَقَالَ تَعاَلَى اِنَّ اللهَ وَمَلآ ئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ
اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا.
اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ. وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ
اْلمُقَرَّبِيْنَ.
وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ اَبِى
بَكْرٍوَعُمَروَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ
وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ
عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ .اَللهُمَّ اغْفِرْ
لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ
اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ.
اللهُمَّ اَعِزَّ اْلاِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ
وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ
الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ اَعْدَاءَالدِّيْنِ
وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ اِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ
وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ مَا ظَهَرَ مِنْهَا
وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ
اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى
الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
عِبَادَاللهِ ! اِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا
بِاْلعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِى اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ
وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ
اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ
اللهِ اَكْبَرْ
Khotbah Jum’ah Takdir
Manusa
السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
الحمد لله حمدا وشكرا جزيلا وافرا,
الذي هدانا الى صراطه المستقيم هداية ونورا, واخرجنا من الظلمات الى النور سراجا
منيرا, اشهد ان لااله الاالله وحده لاشريك له الذى بيده كل شيئ من الكائنات دليلا
ظاهرا, واشهد ان سيدنا محمدا عبده ورسله المبعوث لتشريع دينه تنزيلا وتنويرا.
اللهم صل على سيدنا محمد وعلى اله وصحبه وسلم تسليما كثيرا, فيا عباد الله
اتقواالله حق تقوٰىه بامتثال المأمورات واجتناب المنهيات لتنالوا نعاما كثيرا.
Para Jamaah Nu mulia,
Peryogi ku urang dilenyepan, rehna jalma lahir teh eta
geus mawa takdirna masing masing, sakumaha nu didawuhkeun ku Kanjeng Nabi SAW:
عن ابى عبد الرحمن عبد الله بن مسعود رضي
الله عنه قال: حدثنا رسول الله ص م . وهو الصادق المصدوق: ان احدكم يجمع خلقه فى
بطن امه اربعين يوما نطفة, ثم يكون علقة مثلَ ذلك, ثم يكون مضغة مثل ذلك, ثم يرسل
اليه الملك فينفح فيه الروح, ويؤمر بأربع كلمات: بِكَتْبِ رزقه وأجله وعمله وشقيٌّ
او سعيد.
Dumasar kana hal éta, maka jelas yén manusa lahir geus
mawa takdir masing-masing. Tur éta katangtuan téh ditetepkeun nalika manusa aya
dina jero rahim indungna dina mangsa ditiupkeunana roh ka manusa nalika umur
kandungan manjing kana 4 bulan. Saterusna hadits di luhur ngajelaskeun, yén
Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh bari sumpah:
فَوَاللهِ الَّذِيْ لاَ إِلَهَ غَيْرُهُ
ان احدكم ليعمل بعمل اهل الجنة حتى ما يكون بينه وبينها الا دراع فيسبق عليه
الكتاب فيعمل بعمل اهل النار فيدخلها, وان احدكم ليعمل بعمل اهل النار حتى ما يكون
بينه وبينها الا دراع فيسبق عليه الكتاب فيعمل بعمل اهل الجنة فيدخلها- روسلماه البخاري ومسلم-
(Demi
Alloh nu teu aya deui pangéran salian ti Manten-Na). yén aya salah saurang
diantara maranéh nu milampah/migawé amalan ahli sawarga sahingga teu aya jarak
deui antara manéhna jeung sawarga iwal ti ukuran sadeupa Tuluy manéhna
kapiheulaan ku katangtuan Alloh, nu satuluyna manéhna ngalakukeun amalan ahli
naraka, maka manéhna asup ka jero naraka. Ogé aya (deui) diantara maranéh nu
migawé/milampah amalan ahli naraka, sahingga teu aya jarak deui antara manéhna
jeung naraka iwal ti ukuran sadeupa deui, tuluy manéhna kapiheulaan ku
katangtuan/katetepan Alloh nu satuluyna manéhna ngalakukeun amalan ahli
sawarga, maka manéhna asup kana sawarga.
Para Jamaah nu mulia
Sadeupa didieu, hiji kiasan jeung kira-kira, nu
dimaksud didieu nyaéta, saparo waktu dina akhir kahirupan manusa. Jadi, nu
dimaksud sadeupa didieu lain sacara harfiyah sadeupa jeung kapastian waktu nu
saukuran kitu. Tapi, sadeupa didieu sakali deui saparo waktu dina akhir
kahirupan manusa nu kacida deukeutna kana poé panungtungan hirup. Imam Nawawi RA.
Ngajelaskeun, mun jalma kafir ngucapkeun “laa Ilaaha Illallooh” tuluy manéhna
maot kalayan ngucapkeun kalimat tauhid éta, maka manéhna bakal asup sawarga.
Sabalikna, lamun jalma Islam dina akhir umurna ngucapkeun caritaan kufur, maka
manéhna bakal asup kana naraka. Ringkesna, nya eta sanajan jalma keur ngorana
tukang doraka, lamun dina ahir hirupna jadi insap, getol ibadah, tobat ka
Pangeran, eta disebutna husnul khotimah. Komo deui lamun jalma ti ngongora nepi
ka kolot terus-terusan ibadah mah dugi ka ahir hayatna. Sawaangsulna, sanajan
keur ngorana getol ibadah, tapi dina kolotna jadi ngabalun seneng kana migawe
doraka, ieu pimelangeun dina maotna su’ul khotimah.
Para jamaah nu mulia,
Satuluyna Hadits di luhur, eusina ngajelaskeun yén
urang teu meunang mastikeun atawa netepkeun salah saurang bakal asup sawarga
atawa naraka, sanajan katingalina hiji jalma téh ngalakukeun sagala kahadéan
jeung rajin ibadah, sabalikna sanajan katingalina hiji jalma téh ngalakukeun
kakufuran, kama’siyatan, kafasikan jeung sajabana. Tegesna, yén urang ulah
wani-wani ngahukuman ka jalma téh pisawargaeun atawa pinarakaeun. Sabab, urang
ulah ngandelkeun teuing amaliah ibadah boh pribadi atawa lian, atawa reueus,
agul jeung sajabana ku lampah ibadah urang atawa nu lian. Sabab, urang teu apal
pamustungan tina sagala ibadah nu dilakukeun, naha ditarima atawa henteuna ku
Alloh swt. Ogé urang teu apal katangtuan nu kumaha nu bakal ditarima ku urang
khususna jaga di alam Akhérat. Sok sanajan takdir geus ditetepkeun saméméh
urang diciptakeun, tapi, ku sabab dirahasiahkeun ku Alloh swt. Jadi urang teu
apal takdir urang téh modél kumaha.
Para jamaah nu mulya
Dumasar kana hal éta pisan, urang ulah petot-petot
salilana ngado’a ka Alloh swt mugia urang dipaparin panungtungan kahirupan nu
hadé (Husnul Khotimah) ogé salawasna urang kudu nyalindung ka Alloh swt. Mugia
panungtungan hirup urang téh ulah goréng (Su’ul Khotimah) atawa ulah nepi ka
hasil panungtungan hirup urang téh nu picilakaeun (Syarrul ‘Aqibah).
Ibnu Jarir Al-Haitamy dina kitabna “Fath Al-Mubin Li
Syarh Al-Arba’in” ngajelaskeun, yén satemenna Su’ul Khotimah - dilantarankeun
ku haté leutik na hiji jalma nu teu bisa ditingali ku nu séjén. Ayakalana
saurang milampah hiji amal ahli naraka, tapi dina haténa aya kahadéan nu
nyangkaruk, tuluy ngalimpudan nu tungtungna ngadorong manéhna dina panungtungan
umurna pikeun milampah kahadéan, akhirna manéhna ka golong kana Husnul
Khotimah. Kukituna ulah katipu ku naon-naon baé nu katingali dina diri hiji
jalma, sabab tetep nu bakal ditingalimah kahirupan panungtunganana, naha hadé
atawa henteu. Sabab amal téh ditingali dina akhirna, hartina, sing saha jalmana
nu dituliskeun atawa ditetepkeun kaimanana jeung kata’atanana dina akhir
umurna, tuluy manéhna kufur jeung milampah maksiyat, tapi Alloh ngalungsurkeun
taufik sareng hidayah-Na ka manéhna dina panungtungan hirupna, tur manéhna maot
dina kaayaan tobat, sadar pinuh ku karumasaan kana sagala lampah salahna,
tegesna Husnul Khotimah. Maka manéhna bakal jadi ahli sawarga.
Tah dina raraga urang miharep supaya panungtungan
hirup urang téh hadé, tegesna Husnul khotimah. Para ulama ngajelaskeun,
ngeunaaan sabab musababna ngahontal Husnul Khotimah, diantarana: 1) Istiqomah
dina ibadah; 2) Nancebkeun katakwaan; 3) hadé sangka ka Alloh swt. 4) jujur; 5)
rajin taubat; 6) éling kana maot, jeung 7) Waspada kana hal-hal nu matak
ngadeukeutan kana su’ul khotimah. diantarana, nyaéta: rusakna akidah jeung
milampah laku ibadah nu lahirna teu luyu jueng ibadah bathin, kabiasaan
milampah maksiyat nu teu eya eureuna dina migawéna, kabungbulengan ku dunya,
nyimpang tina kaistiqomahan, migawe kamusyrikan jeung nunda-nunda kana tobat.
Mudah-mudahan urang sadaya ka lebet kana golongan jalma–jalma
nu panungtungan hirupna hadé (husnul khotimah). tur mugia urang sadayana
dipaparinan ku Alloh swt. Ka istiqomahan dina ibadah. Amin ya Alloh Ya Robbal
‘Alamiin.
قال
الله تعالى فى كتابه الكريم وهو اصدق القائلين واذا قرئ القران فاستمعوا له
وانصتوا لعلكم ترحمون اعوذ بالله من الشيطان الرجيم. وَسَارِعُوٓاْ إِلَىٰ
مَغۡفِرَةٖ مِّن رَّبِّكُمۡ وَجَنَّةٍ عَرۡضُهَا ٱلسَّمَٰوَٰتُ وَٱلۡأَرۡضُ
أُعِدَّتۡ لِلۡمُتَّقِينَ.
بارك
الله لي و لكم في القرآن العظيم ونفعني واياكم بمافيه من الاية والذكر الحكيم
وتقبل مني ومنكم تلاوته انه هو السميع العليم. وقل رب اغفر وارحم وانت خير راحمين.
Jum’at 24 Juli 2020
Khutbah II
اَلْحَمْدُ للهِ وَكَفَى، اللهم صَلِّ
وَأُسَلِّمُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ الْمُصْطَفَى، وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ
أَهْلِ الْوَفَا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْمُسْلِمُوْنَ،
أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ وَاعْلَمُوْا
أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ عَظِيْمٍ، أَمَرَكُمْ بِالصَّلَاةِ وَالسَّلَامِ
عَلَى نَبِيِّهِ الْكَرِيْمِ فَقَالَ: إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ
عَلَى النَّبِيِّ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا
تَسْلِيمًا، اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا
مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا
إِبْرَاهِيْمَ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا
مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا
إِبْرَاهِيْمَ، فِيْ الْعَالَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ. اَللّٰهُمَّ
اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ والْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ
الْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْأَمْوَاتِ، اللهم ادْفَعْ عَنَّا الْبَلَاءَ
وَالْغَلَاءَ وَالْوَبَاءَ وَالْفَحْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالْبَغْيَ
وَالسُّيُوْفَ الْمُخْتَلِفَةَ وَالشَّدَائِدَ وَالْمِحَنَ، مَا ظَهَرَ مِنْهَا
وَمَا بَطَنَ، مِنْ بَلَدِنَا هَذَا خَاصَّةً وَمِنْ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ
عَامَّةً، إِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ
عِبَادَ اللهِ، إنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبَى ويَنْهَى عَنِ الفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ.
Sabtu, 24 Mei 2014
اَلْخُطْبَةُاْلاُوْلَى