Sabtu, 24 Mei 2014

Kotbah Jum,at

اَلْخُطْبَةُاْلاُوْلَى 
  اَلْحَمْدُلِلّهِ نَحْمَدَهُ وَنَسْتَعِيْنُهً وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ اَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّأتِ اَعْمَالِنَا مَنْ يًهْدِاللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْهُ فَلاَ هَادِيَ لَه وَاَشْهَدُاَنْ لاَاِلهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وَاَشْهَدُاَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَرْسَلَهُ بِاْلهُدَى وَدِيْنِ اْلحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَىالدِّيْنِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ اْلمُشْرِكُوْنَ اَللّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍوَعَلَىالِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنِ اَمَّا بَعْدُ فَيَا اَيُّهَا النَّاسُ اتَّقٌوْااللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَتَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ قَالَ اللهُ تَعَالَى فِى كِتَابِهِ اْلكَرِيْم لقد كان لكم فى رسول الله اسوة حسنة لمن كان يرج الله واليوم الأخر وذكر الله كثيرا. 
 Hadirin Kaum Muslimin anu mulya. Langkung tipayun sim kuring salaku khatib wasiat ka sadayana sangkan salamina aya dina jalan taqwa. Teu aya amal nu tiasa diandelkeun pikeun nyorang kahbirupan nu bakal datang iwal ti taqwa ka ka Mantena. Hal ieu ditegeskeun dina kitab-Na: فتزودوا فان خير زاد التقوى Geura mawa bekel aanjeun. Maka saestuna pang hade-hadena bekel nyaeta taqwa. taqwa, lain nu pang gagahna atawa pang kasepna, lain nu pang beungharna atawa imah megah. Taqwa lain saukur berari sering datang ka masjid atawa ngahadirian ecara rutinan majlis ta’lim,maca kitab suci,muter-muter tasbe, hudang ti peuting, atawa puasa ungga poe. Tapi lewih ti kitu, taqwa nyaeta ngendalikeun amarah, hasrat-hasrat rendah, ngajaga hate, henteu nganyenyeri, henteu ngancam, ramah, sabar, rendah hati jeung sajuta makna kaalusan ka papada manusa tanpa mandang suku agama ras jeung gplongan. Hadirin kaum muslimin nu mulya, aya dua golongan umat Kangjeng Nabi Muhammad Saw. Golongan nu kahiji disebut pang hadena umat, sedengkeun nu kadua pang gorengna umat. Nu kumaha nu disebut pang hadean umat sareng nu kumaha nu disebut pang gorengna umat Nabi Muhammad? Hal ieu dijelaskeun dina hiji hadis.:
 عن ابى هريرة رضي الله عنه قال قال رسول الله صلى الله عليه وسلم خِيارُاُمتي مَنْ شهد ان لا اله الا الله وان محمدا رسول الله واذااَحْسَنُوا اِسْتبْشَرُوا واذااَسَاءُوْا اِسْتَغْفَروا واذا سَافَروا قَصَرُوا صلاتَهم وَافْطَرُوامِن صومِهم وَاِنَّ شِرارَ اُمَّتي الذين وُلِدُوا فِى النِعَمِ وَغَدَوْا فى النِّعَمِ وَهِمَّتُهُم اَلْوَانُ الطعامِ وَاَلْوانُ الشَّرَابِ واذاتَكَلّمُوْا تَشَدَّقُوا واذامَشَوْا تَبَخْتَرُوا ويلٌ لِلْجَرَّارِين اَذْ يَالَا وَالْاَكّالِيْنَ اَفْضَالًا والنَاطِقين اَشْعَارًا 
 Diriwayatkeun ti Abu Hurairah r.a., rehna Rasulullah Saw. ngadawuh: “Pang hade-hadena umat kaula nyaeta jalma anu nyaksian rehna teu aya pangeran anging Allah jeung saestuna Nabi Muhammad teh utusan Allah. Lamun maranehna milampah kahadean , maranehna ngarasa bungah. Lamun milampah kagorengan , maranehna menta hampura, Lamun musafir maranehna ngosor solatna, tur buka puasana. Saestuna pang goreng- gorengna umat kaula nyaeta maranehna nu dilahirkeun dina kamewahan, dibere dahar nu marewah, kahayang hatena kana macam macem daharan jeung inuman. Lamun nyarita sok ngahina, mun leumpang sok sombong. Cilaka pisan jalma jalma nu nyenyered pakaianna nu nyangsar kanu taneuh, jalma nu dahar ngaleuwihan wates jeung nu nyarita bari dilagukeun. Hadis tadi pakait jeung gaya hirup sabagian sahabat nu hirup serba mewah..
 Dina akhir hadis Rasulullah Saw masihan peringatan keras:
 ويلٌ لِلْجَرَّارِين اَذْ يَالَا وَالْاَكّالِيْنَ اَفْضَالًا والنَاطِقين اَشْعَارًا 
Cilaka pisan jalma jalma nu nyenyered pakeanna anu nyangsar kanu taneuh, jalma nu dahar ngaleuwihan wates jeung nu nyarita bari dilagukeun. Saleresna Rasul henteu ngalarang umatnya cicing di gedong mewah, naek mobil mewah, make pakean mewah, tur ngadahar dahareun nu marewah, salila hal eta henteu mengparkeun hate tina perhatian ka Allah Swt atawa nimbulkeun panyakit dina hatena. Tapi lamun kamewahan eta nimbulkeun panyakit dina hate, atawa nimbulkeun rasa timburu masyarakat maka eta kamewahan kudu buru buru ditinggalkeun. Kacida teu pantesna nembongkeun kamewahan di tengah-tengah masyarakat miskin. 
اقول قول هذاواستغفرالله لي ولكم ولسائر المسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات. فاستغفرواه انه هو الغفور الرحيم

Minggu, 20 April 2014

Kotbah Jum'ah Basa Sunda

Janji Allah Ka Umat Manusa
ان الحمد لله نحمده ونستعينه ونستغفره ونعوذ بالله من شرور انفسنا ومن سيأت أعمالنا من يهده الله فلامضل له ومن يضلله فلاهادي له, أشهد ان لا اله الا الله وحده لا شريك له واشهد ان محمدا عبده و رسوله. اللهم صل وسلم وبارك على سيدنا محمد وعلى أله وصحبه أجمعين, أما بعد. فياعباد الله أوصيكم ونفسى بتقوى الله قال تعالى فى القراءن الكريم:.. ادْعُونِي أَسْتَجِبْ لَكُمْ
Ma’asyiral Muslimin Rahimakumullah
Alhamdulillah dina poe Jum’at ieu urang masih tiasa sasarengan ngalakonan shalat jum’at berjama’ah. Mugi-mugi hal ieu tiasa ngadorong sumangetna urang enggoning ningkatkeun ketaqwaan ka Allah swt. Sayaktosna mung ka Allah urang sadayana gumatung. Kumargi Allah nu Maha Sampurna. Sampurna pangampunana, sempurna nikmatna, sempurna rizqina sareng sampurna kebijaksanaana. Agung kasampurnaan kebijakan eta, sahingga teu aya amal nu dilakukeun ku manusa tanpa aya imbalanna.
Nu kahiji , Allah swt geus nyiapkan tambahan rejeki pikeun jalma nu bersyukur. Allah swt ngajangjikeung dina al-Qur’an  لَئِن شَكَرْتُمْ لأَزِيدَنَّكُمْ, lamun anjeun bersyukur pasti bakal ditambah nikmatanjeun.  
Kadua, Allah swt tos nyiapkeun rek ngabulkeun satiap do’a permohonan hambana, disebatkeun dina al-Qur’an ادْعُونِي أَسْتَجِبْ لَكُمْ.. (geura menta maraneh ka kami, maka pasti pasti kami bakal nyumponan). Nujadi masalah pikeun urang , ngado’a ngadegedur  teu eureun2  puasa senen kemis dilakonan solat duha  teu liwat tahajud unggal peuting  tapi naha can aya hasilna rumasa do’ teh teu dikabul. Aning cenah Allah teh tara lincad janji  (innallaha la yuhliful mi’ad).
Salah sahiji riwayat nyebutkeun, dina hiji poe sabahat Nabi  Sa’ad bin Abi Waqos menta dido’akeun ku kanjeng Nabi hayang supaya doa’ana diijabah kalayan gampang. Nabi ngawaler Sa’ad geura hadean  dahareun anjeun pasti anjeun jadi jalma nu doa’a mustajab. Demi Allah saha nu ngasupkeun barang haram kana beuteungna, mangka moal dikabulkeun do’ana salila 40 poe, Jeung saha nu ngajadikeu dagingna tina dahareun  nu haram atawa tina hasil haram mangka seuneu naraka bagianana.
Para jamaah nu mulya, ternyata salah sahiji penghalang do’a teh dahareun nu asup kana beuteung urang, kusabab eta Allah ngadawuh, kuluuu min thoyyibaati maa rozaqnaakum, geura dalahar anjeun tina rejeki nu alus nu geus dibeikeun ku kami.
NU katilu, Gusti Allagh geus nyiapkeun ampunan n jalma nu menta pangampura jalma nu tobat maca istighfar
Dina hadits riwayatkan oleh Ibnu Majah, Rasulullah saw ngadawuh
لو أخطأتم حتى تبلُغ خطاياكم السماء ، ثم تُبتُم ؛ لتاب عليكم
(lau akhtho’tum hatta tablugha khathoyakumus sama-a tsumma tubtum lataba  ‘alaikum)
Lamun bae maraneh teh ngiyeun kasalahan jeung kasalahana sampe minuhan langite,terus maneh menta hampura, pasti Allah ngampura kabeh kasalahana.
Ma’asyiral Muslimin…
Ka opat, Allah swt salilana bakal ngabuka pintu tobat pikeun jalama nu bener-benrer insap tina ngalkukeun kasalahan. Teu perlu hawatir kana dosa-dosa nu geus dilakkeun lamun urang geus tobat ka Pangeran pastilah Allah bakal narima tobat urangHadits qudsi ngajelaskan gambaran yen Allah swt teh pangeran nu Maha Pemurah tur Maha Penerima tobat hamba-Na:
مكتوب حول العرش قبل أن تخلق الدنيا بأربعة الاف عام وانى لغفار لمن تاب وأمن وعمل صالحا ثم اهتدى
(maktubun haulal ‘arsyi qabla an takhluqod dunya biarba’ati alafi ‘aamin wa inni la ghaffarrun liman taba wa amana wa amila shaliha stummah tada)
Geus ditulis di sagedengeun  ‘arasy (terhitung) 4000 taun saacana alam dunia diciptakeun yen saenyana Kami teh Pengampun jalma nu tobat bertaubat jeung iman tur beramal shaleh, jeung Kami oge mere pituduh.
Memang pikeun sebagian jalma rumasa bersalah mah gampang, tapi bertekad pikeun teu ngalakukeun deui jeung memang henteu ngalakukeun deui mangrupakeun perkaran nu sulit. Kumargi kitu tulah seringkali jami ‘alim ngado’a ka Allah swt supaya  dipaparinan kasadaran pikeun ngalakonan pertaubatan. Kusabab kamampuan manusa pikeun bertaubat eta datangna ti  Allah swt.
Nu kalima,  Allah swt nyiapkeun imbalan spesial pin jalma-jalma nu  bersedekah. Imbalan  spesial eta lamun sedekahna semata-mata karena Allah Ta’ala.
ما من عبد تصدق بصدقة يبتغى بها وجه الله الا قال الله يوم القيامة عبدى رجوتنى فلن احقرك حرمت جسدك على النار وادخل من أى أبواب الجنة شئت
(ma min abdin tashoddaqo bishodaqotin yabtaghi biha wajhallahi illa qolallahu yaumal qiyamati abdi rojautani falan ahqiroka harramtu jasadaka ‘alan nari wadkhul min ayyi abwabil jannati syi’ta)
Teuaya saurang oge anu sedekah semata-mata karna Allah, kecuali enke jaganing geto dina poe kiamat Allah bakal ngadawuh “hamba kami, anjeun ngharapkeun kaKami, Kami oge moal rek ngantep anjeun kabeuleum. Kami geus  haramkeun jasad anjeun kabeuleum seuneu naraka. Jeung geura milih panto surga mana nu dipikahayang ku ajneun.
Kitu rupina jangji Allah imbalan di akhirat ka jalma-jalma nu bersedekah. Sedengkeun imbalan di dunia ieu, urang sadayana ge tos ngartos yen sedekah teh bisa nolak sagala bala’ (kesialan). Assodaqatu tadfau’ul bala’.   
وسارعواإلى مغفرة من ربكم وجنة عرضها السموات والأرض أعدت للمتقين
 بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِيْ اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ وَنَفَعَنِي وَإيَّاكُمْ ِبمَا ِفيْهِ مِنَ اْلآياَتِ وَالذكْر ِالْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّي وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ إنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ اْلعَلِيْمُ